Bahan:
-
1 kilo tipung ketan
-
1 sirah kalapa
-
½ kilo gula beureum
-
Cai samahina
-
Uyah
-
Minyak kalapa (keur ngagoréng)
Cara nyieuna:
-
Parud kalapa
-
Galokeun jeung tipung ketan
-
Uyahan samahina
-
Galokeun sing rata
-
Citak sing lalonyod
-
Goréng nepi ka asak (konéng semu coklat)
-
Terus jait, angin-angin supaya tuus
-
Kincakeun gula nepi ka rumamat
-
Anclomkeun ketan nu dituuskeun kana kinca
-
Galokeun supaya kinca rata ngabulen ketan (poma
seuneuna ulah gedé teuing bisi tutung)
-
Geus pagalo rata terus jait
-
Teundeun hiji-hiji (supaya henteu padémpét) kana
daun cau
-
Antepkeun nepi ka tuus
Tidak ada komentar:
Posting Komentar