Senin, 26 November 2012

Sangu


Cara nyieuna:
-          Béas diisikan
-          Asupkeun kana aseupan
-          Tagenkeun dina sééng anu caina ngagolak nepi ka timus (kurang leuwih 15 menit)
-          Bahékeun béas anu geus timus kana dulang atawa baskom
-          Terus banyur ku cai ngagolak sa siwur
-          Bulak-balik supaya rata kacaian
-          Asupkeun deui kana aseupan
-          Tagenkeun kana sééng anu caina ngagolak, antepkeun nepi ka asak (kurang leuwih 17 menit)
-          Terus jait, tamplokeun kana dulang atawa baskom
Terus akeul bari kiplikan ku hihid supaya haseupna kabur tur sangu teu 

-->
Resep Liana:
 

Ranginang


Bahan:
-          2 léter béas ketan
-          2 séndok uyah
-          ½ séndok pécin
-          1 ons bawang bodas

Cara nyieuna:
-          Keueuman béas ketan sapeuting
-          Isikan sing beresih lalaunan (supaya teu bubuk)
-          Gigihan sing nepi ka timus
-          Geus timus terus tamplokeun kana dulang, terus banjur ku cai ngagolak satengah siwur
-          Terus galokeun jeung bawang bodas, uyah, katut pécin nu geus meunang ngaréndos
-          Asupkeun deui ka aseupan, gen kana sééng anu caina ngagolak
-          Antepkeun nepi ka asak
-          Geus asak blok tamplokeun kana nyiru
-          Citak buleud ipis-ipis dina nyiru
-          Poékeun nepi ka garing
-          Saenggeus garing ranginang siap digoréng
Catetan :      ranginang nu geus garing bias disimpen nepi ka mangbulan-bulan
Resep Liana:
Sangu

Peuyeum sampeu


Bahan:
-          2 kilo sampeu
-          ½ (tina sasiki) ragi
Cara nyieuna:
-          Sampeu dipesék terus dikerik
-          Seupan kurang leuwih 1 jam
-          Terus angin-angin dina nyiru supaya tuus
-          Geus tuus terus émrat ku ragi nu geus diremuy
-          Terus teundeun dina jero boboko atawa tolombong anu geus dirangkep ku daun cau
-          Terus kekeb supaya ulah kaanginan
-          Antepkeun nepi ka asak (kurang leuwih 2 poé)

Peuyeum Ketan


Bahan:
-          2 léter béas ketan hideung/ bodas
-          1 siki ragi
-          5 lambar daun suji atawa katuk
-          Daun cau keur bungkus
Cara nyieun:
-          Banyur béas ketan ku cai panas, antepkeun 5 menit.
-          Bersihan ku cai tiis nepi ka caina hérang
-          Angin-angin 5 menit supaya tuus
-          Seupan nepi ka ½ asak
-          Jait mun geus ½ asak
-          Bahékeun kana baskom
-          Banyur ku 2 gelas cai daun suji
-          Asupkeun deui kana aseupan, seupan nepi ka asak
-          Geus asak bahékeun kana nyiru sing rata, antepkeun nepi ka tiis
-          Geus tiis awuran kana ragi sing rata
-          Bungkus ku daun cau sagenduk-sagenduk, terus éntép dina jero boboko
-          Terus kekeb supaya teu asup hawa
-          Antepkeun dua poé nepi ka asak
Catetan :      mun teu dibungkus, bias ogé dikekeb dina kéler


Resep Liana:
Ranginang